Sabtu, 12 Mei 2012

KASAIMBANGAN HIRUP

Assalamu’alaikum Wr.Wb.,

الحَمْدُ للهِ الَّذِيْ أَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالهُدَى وَدِيْنِ الحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّيْنِ كُلِّهِ وَلَوْ كَرِهَ المُشْرِكُوْنَ أَشْهَدُ أَنْ لاإِلهَ إِلا اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ اللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ …أَمَّا بَعْدُ…..فَيَا عِبَادَ اللهِ ! اتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاتمَوُْتُنَّ إِلا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ …

Sagala puji éta kagungan Alloh, Pangeran tur sesembahan sakumna alam, anu parantos namplokkeun kani’matan katut kurnia-Na anu taya kendatna, boh anu mangrupa kaséhatan, kasugemaan nepika urang tiasa nyumponan kawajiban sholat juma’ah.
Mugia sholawat miwah salam salawasna dilungsurkeun ka pamingpin sareng panutan urang, tegesna Kangjeng Nabi Muhammad SAW, nu ngalangkungan perjuangan anjeuna cahaya Islam dugi ka urang, dugika urang bébas tina jahiliyah, sareng kahinaan. Sholawat katut salam ogé mudah-mudahan dilungsurkeun ka kulawargana, para sahabatna katut jalma-jalma nu nuturkeun tapak lacakna nepika ahir jaman.
Dina ieu kasempetan, teu hilap khotib wasiat ka diri sorangan katut ka jama’ah, sangkan terus ngaronjatkeun kualitas iman sareng takwa, kumargi iman sareng takwa éta bekel nu panghadé-hadéna pikeun nyorang kahirupan di ahérat jaga.
Para Wargi Kaum Muslimin Anu Mulya,
Alloh SWT nyiptakeun manusa teh kalayan makhluk anu panghadena di dunya ieu, turta dibere akal sarta nurani. Sajabi ti janten hamba Alloh oge janten kholifah di bumi anu dipaparin kawajiban pokok nyaeta ibadah. Dawuh Alloh SWT dina surat adz-dzariat ayat 56:

“Sareng Kaula (Alloh) henteu nyiptakeun jin sareng manusa teh teu aya lian pikeun maranehna kacuali nyembah ka Kawula.”


Nyembah dina harti luas nyaeta sagala rupa bentuk pangabdian atawa ibadah nu hade didasaran parentah Allah sareng sakumaha Rasulullah parantos nyontohkeun dina ngalaksanakeunna, boh ibadah langsung ka Alloh (Hablum minalloh) atanapi ibadah kasasama manusa (hablum minannas). Sajabi ti eta oge, manusa teh kedah tiasa ngalola sareng ngamanfaatkeun naon-naon nu ku Gusti Alloh ciptakeun di dunya ieu pikeun kasejahteraan hirup manusa margi nu kitu teh masih keneh kaasup kana ibadah.

Para Wargi Kaum Muslimin Anu Mulya,
Urang sadayana yakin yen sagala urusan dunya nu disinghareupan ti baheula dugi ka ayeuna ieu, sanajan urang ngadekul teu euereun-eureun beurang sareng peuting moal aya beakna sareng tungtungna salila hawa masih kaluar tina irung, pagawean sareng pangabutuh teh bakal datang. Salaku jalma nu boga iman mah kedah tiasa ngatur sareng ngatasi perkara eta. Margi lamun urang teu tiasa ngatur sareng ngabatasan pangabutuh hirup urang leuwih bahayana leungiteun kabahagian hirup sareng kasaimbangan hirup dina kahirupan sapopoe.

Alloh Maha Adil nyiptakeun kabeh mahluk teh aya pasanganna samodel langit sareng bumi, daratan sareng lautan, halodo sareng hujan, lalaki sareng awewe leuwih tina hal eta jasmani sareng rohani. Patali tina sakian ciptaan nu hade, geus sakedahna urang tiasa miara sareng ngatur sanajan sawareh oge nu aya kaitan sareng hajat (pangabutuh) urang salaku manusa supaya tiasa maju, lancar, sauyunan tur saimbang, utamana mah pangabutuh jasmani sareng rohani eta. Kasaimbangan dina pandangan Islam teh nyaeta mangrupikeun faktor nu penting, malahan jadi tujuan sareng cita-cita hirup keur muslim. Sakumaha parantos ditetelakeun dina Al-Qur’an surat Al-Baqoroh ayat 201 :
“Sareng di antara maranehna aya jalma anu ngado’a : ‘Nun gusti, pasihan diri kami kasaean di dunya sareng kasaean di akherat sareng piara diri kami tina siksa seuneu naraka’”.

Langkung jelas deui Rasululloh ngadawuh dina hadits nu diriwayatkeun ti Ibnu Asyakir :
“ Jalma nu niggalkeun urusan dunya ngan saukur pikeun akherat teh sanes jalma nu hade, kitu oge jalma nu ninggalkeun urusan akherat ngan saukur pikeun dunya kacuali lamun manehna meunangkeun dunya sareng akherat babarengan margi dunya teh jalan keur ka akherat sareng urang teh ulah jadi beban keur batur”.


Para Wargi Kaum Muslimin Anu Mulya,
Tina ayat Qur’an sareng hadits di luhur meunang kasimpulan sapertos kieu :
1. Urang sadayana dituntut kedah tiasa nyaimbangkeun miwah kapentingan lahiriyah duniawiyah sareng kapentingan ruhaniyah ukhrowiyah, ulah dugi kabeurat sabeulah komo lamun mentingkeun salah sahijina. Duanana kedah saimbang, sajalan, sauyunan sareng saarah. Sakumaha conto saimbang sareng saarahna rel kareta api teu tiasa jangkung sabeulah, margi tiasa ngakibatkeun kareta api nyangeyeng malahan tiasa tiguling.

2. Dunya teh mangrupikeun jambatan keur nuju akherat. Dunya ieu sanes tujuan margi fana nu sawaktu-waktu geus ditangtukeun ku Gusti Alloh pasti bakal ancur sareng binasa ka asup manusa nu bakal balik nyinghareupan ka nu nyiptakeunana nyaeta Alloh SWT.

Para wargi kaum muslimin anu mulya,
Mung sakieu rupina khutbah nu tiasa didugikeun dina kasempetan ayeuna, mugia aya manfaat khususna kanggo khotib sareng umumna ka para jama’ah salaku kaum muslimin. Mugia Alloh SWT maparin kakiatan Iman tur kataqwaan dina ngalaksanakeun kahirupan urang sadayana sahingga tiasa ngajalankeun parentahna sareng ngajauhan sagala laranganna nu akhirna Gusti Alloh maparin karidhoan-Na. Amin Ya Robbal ‘alamin.



بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي القُرْآنِ العَظِيْمِ وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ مِنِّي وَمِنْكُمْ تِلاوَتَهُ إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ وَاسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ لِيْ وَلَكُمْ وَلِسَائِرِ الُمْسِلِمْينَ وَالمُسْلِمَاتِ وَالمُؤْمِنِيْنَ وَالمُؤْمِنَاتِ فَاسْتَغْفِرُوْهُ فَيَا فَوْزَ المُسْتَغْفِرِيْنَ وَيَا نَجَاةَ التَّائِبِيْنَ
--------------------------